Senin, 22 Juni 2009

TEU SANGKA

Geus teu asa jeung jiga kuring ka manehna teh, sasat batur sapagawean. Lamun kuring aya pangabutuh ka manehna tara hese, boh butuh kaperluan pagawean atawa pangabutuh kaperluan di imah. Manehna teh teu weleh merhatikeun kuring. Enya kitu tea mah meureun manehna teh karunyaeun ka kuring. Tuda kiwari kuring teh ngan pangawak sorangan alias randa. Kuring geus meh dua taun ditinggal maot ku nu jadi salaki. Hirup nu tadina medah-meduh harita keur kuring mah, tapi ayeuna beak dipake uubar si jenat. Teu panasaran beak banda oge da dipake pikeun uubar salaki anu ka kuring teh sakitu belana. Piraku waktu manehna keur gering kuring teu bela-bela acan mah. Kapan waktu kawin teh urang pada jangji dihareupeun naib, yen urang dina ngambah rumah tangga teh kudu silih belaan sok sanajan dina kaayaan kumaha bae oge.
Kuring teh guru, enya guru di salah sahiji SMP negeri, cindekna kuring teh PNS. Kuring digawe di eta sakola teh ti mimiti diangkat nepi ka ayeuna can incah balilihan. Teu karasa ari dilakonan kalawan bener jeung resep mah kuring teh geus 14 taun jadi guru di eta sakola teh. Jadi munasabah kuring geus loma pisan jeung babaturan nu aya di eta sakola. Geus sababaraha urang ganti kepala sekolahna oge.
Manehna teh guru lalaki, tapi jeung kuring mani deukeut. Maksudna kuring jeung manehna teh geus asa jeung dulur, sok sanajan manehna lalaki, kuring awewe teu jadi masalah ari sosobatan mah. Lantaran sosobatan kuring jeung manehna teh kapan ti keur kuring masih keneh boga salaki. Sosobatan ti baheula teh kiwari kudu pegat, gara-gara manehna ngajak ngawangun rumah tangga ka kuring. Enya harita teh manehna datang ka imah, nepikeun maksudna. Cenah karunya nempo kahirupan kuring kiwari. Keun hayang naon oge rek ditedunan. Hayang mobil rek dipangmeulikeun, imah nya kitu deui geus siap rek dipangmeulikeun lamun kuring daek dikawin ku manehna. Lamun kuring matre ceuk istilah jaman ayeuna mah, kuring meureun haripeut, kajeun teuing dicandung oge nu penting senang. Tapi kuring mah teu kitu. Bararaid teuing kudu dicandung mah. Awewe mana anu daek dicandung atuh.
Sok sanajan enya manehna teh guru sarua jeung kuring, tapi manehna mah boga bisnis sejen. Nepi ka rajakayana ge jiga lain guru. Manehna mah jelema jegud. Ngan kuring nolak kana pangajak manehna teh. Teu nolak kumaha, da manehna teh kapan geus rimbitan. Geus boga budak opat. Piraku kuring kudu ngaruntagkeun rumah tangga batur, komo kapan ieu mah babaturan pisan. Kuring teu bisa kitu.
Manehna ngolo, cenah lamun embung dicandung mah keun we nu kolot rek diserahkeun. Euh..! komo kitu, tada teuing nyeri hate pamajikanana. Kuring embung kudu jadi awewe anu ngarebut salaki batur. Kajeun teuing hirup saperti ayeuna, masih keneh bisa hirup, bisa ngabajuan anak kuring nu dua ti salaki kuring nu geus taya dikieuna.
Lamun inget ka dinya kuring sok sedih, teu karasa cipanon bijil sorangan. Ningali budak, inget ka si jenat. Samemeh dipundut ku Nu Kawasa, manehna nyarita “Titip barudak!” cenah. Kuring harita ceurik teu wasa ningali salaki teu walakaya. Duka meunang sabaraha bulan kuring nguyung inget bae ka manehna. Waktu panataran oge, da kabeneran deuih kakara saminggu ditinggal maot ku salaki, kuring ditugaskeun kudu panataran ka Bandung lilana saminggu. Di kamar teh teu karasa sok ceurik inget ka manehna nu geus ninggalkeun. Babaturan sakamar terus we ngupahan. Panataran harita mah duka aya nu asup deuka henteu. Nu jelas pikiran masih kumalayang.
Teu inget bae kumaha tuda salaki kuring mah jelema bageur, soleh, jeung merhatikeun pisan kana kahayang pamajikan teh. Keur kuring mah salaki teh pangbageurna sadunya we. Ka budak nya kitu, merhatikeun pisan. Boh dina pangabutuhna, boh dina pendidikanana. Kana solat tara elat. Atuh ka budak oge nya kitu nitah solat, sina ulah kaliwat. Pokona mah salaki ideal we keur kuring mah.
Ngan Alloh ngagaduhan jalan sejen pikeun nguji kana kasatiaan umatna. Waktu kuring keur memeujeuhna ayem tengtrem dina rumah tangga, salaki kuring gering parna anu hese diubaranana. Geus sababaraha dokter kukuring didatangan. Tapi angger we panyakit salaki kuring teh batan cageur mah kalah ka nambahan. Geus bur-ber ka ditu ka dieu uubar teh. Kabeh panuduhan ti batur dijugjug sangkan salaki kuring cageur deui sakumah bihari. Malah mah tatamba teh lain ka dokter bae, tapi ka pengobatan alternatif. Tapi angger we teu aya nu metu. Sok sanajan kitu, kuring teu putus asa, terus usaha. Nya hiji mangsa salaki kuring dipundut ku Nu Kawasa, mulih ka jati mulang ka asal, salaki kuring tilar dunya. Kuring sedih liwat saking. Komo harita barudak laleutik keneh. Barudak laleutik geus euweuh bapaan. Kuring ceurik ari ras inget ka dinya teh. Ngan kuring yakin, moal samata-mata Alloh masihan cocobi nu sakitu beuratna lamun kuring teu bisa nyanghareupanana.
Kiwari kuring hirup rarandaan. Lian ti jadi pagawe nagri, kuring sok ngahaja bisnis leueleutikan pikeun nambah-nambah eusi kantong. Di antarana kuring sok ngokolakeun sapi perah titinggal si jenat. Hasilna bisa dipake nyakolakeun budak, nu kiwari geus asup SMA nu panggedena mah. Nu leutik masih di SD kelas genep. Lamun kuring boga waktu kosong, henteu ngajar, da ngajar teh ngan opat poe, kuring sok rajeun ngider neangan orderan. Naon bae bisnis nu kuring dijalankeun teh nu penting halal, ulah ngarugikeun batur.
Meureun, ningali kuring nu sakitu gudar-gedorna neangan pangupa jiwa, babaturan kuring tea, enya babaturan gawe tea, karunyaeun. Terus aya rasa nyaah nu ahirna tumuwuh rasa cinta. Meureun nu disebut beger mindo tea. Meureun sok sanajan kitu, manehna kataji ku kuring teh lain karunya-karunya teuing nempo kahirupan kuring ayeuna, tapi ningali pangawakan kuring. Ceuk batur mah kuring teh, sok sanajan geus boga budak di SMA, kuring masih keneh geulis, campernik. Enya tuda pangawakan kuring teh jangkung leutik. Kulit koneng umyang. Lamun make baju ABG teh, bleg ABG we, ceuk saha geus boga budak dua. Kuring sukuran ka Gusti nu tos masihan pangawakan kuring kitu. Oge kuring neneda ka Gusti, mugi-mugi kuring dikiatkeun tina gogoda.
Kuring sok era ku babaturan, lamun manehna ulin wae ka imah teh. Komo ku tatangga mah. Randa tea atuh sok loba piomongeunana. Komo anu datangna oge deuih boga anak pamajikan. Ari kana kagorengan mah jelema teh sok tereh nyebarkeun isuna teh. Pajarkeun kuring marebut salaki batur. Padahal mah teu niat-niat acan. Malah eta beja teh tepi ka pamajikanana. Hiji waktu pamajikanana datang ka imah kuring bari nembongkeun paroman anu beda, rada judes. Enya da kuring jeung pamajikanana oge kapan geus loma. Ari ayeuna beda saratus dalapan puluh darajat. Anu tadina darehdeh, akuran, harita mah ningali ka kuring teh jiga ka musuh wae.
Kuring satekah polah nolak kalawan lemes. Kuring mere alesan pangna nolak manehna. Sok sanajan manehna oge ngarti, tapi kiwari manehna jadi beda ka kuring. Nya ahirna manehna oge eraeun sorangan, terus we pindah sakola. Euh…. Teu sangka.

Cintaraja, 2006

Selasa, 24 Maret 2009

EUH…..NASIB DIRI…!

Geus panceg dua taun kuring rumah tangga jeung manehna teh. Mimitina mah ayem tengtrem dina ngawangun rumah tangga teh. Tapi, kiwari kuring hirup rumah tangga jeung manehna teh asa teu para ruguh. Rek puguh kumaha, kuring di Tasik, manehna di Jakarta. Kuring teu bisa milu ka salaki ka Jakarta, da kuring teh kieu-kieu ge pagawe negeri. Kuring ngajar di salah sahiji SMP nu aya di Tasik. Sedengkeun salaki kuring digawe di perusahaan swasta di Jakarta.
Duka ku naon mimitina atuh, budak tere ka kuring teh jiga nu ngewa ayeuna mah. Nu tadina bageur siga ka indungna sorangan, kiwari mah jiga nu ngewa nenjo kuring teh. Enya budak tere. Kapan kuring kawin ka manehna teh, sasat randa ka duda. Kuring boga budak dua ti salaki nu ti heula, anu geus ninggalkeun alam baka. Manehna oge sarua deuih ninggalkeun budak dua. Boh ti manehna boh ti kuring, barudak teh awewe kabeh. Ngan budak tere mah nu panggedena teh geus gede, geus SMA. Ari barudak kuring mah laleutik keneh.
Ningali talajak kitu, mimitina mah kuring ge ngamaphum. Meureun kaisuan ku batur, yen indung tere mah sok galak. Padahal kuring mah teu kitu, teu cara kawas dina film atawa sinetron. Kuring mah ka anak tere, ka anak sorangan teu dibeda-beda, sarua anak kuring, tapi lila-lila mah jadi rudet. Nya ahirna kuring maluruh, naon sababna anak tere kuring jadi robah adatna. Sirhoreng manehna teh kapangaruhan ku indung tegesna. Da salaki kuring nu ayeuna, dudana teh pepegatan, lain ditinggalkeun maot ku pamajikanana kawas kuring ditinggalkeun maot ku salaki nu tiheula.
Rumasa kuring gurung gusuh teuing dina neangan gaganti bapana barudak teh. Tadina mah karunya ka barudak, laleutik keneh geus ditinggalkeun maot ku bapana. Nya kuring niat deui rumah tangga. Da lain jelema sejen atuh salaki nu ayeuna teh. Enya masih tatangga. Dulur kuring ngamprokkeun jeung manehna. Kuring harita teh daek, teu loba mikir panjang, nu penting mah budak boga bapa. Tapi, geuning kudu kieu hirup kuring teh, kudu ngalalakon.
Kungsi kuring meregok anak tere kuring keur nelepon jeung indung tegesna. Dina obrolannana teh, kadengena matak nyeri kana hate. Kabeh caritaanana ngagogoreng kuring. Nepi ka salaki kuring oge kapangaruhan ku caritaan popotonganana teh. Sihoreng geuning, sok sanajan geus pepegatan ari komunikasi mah masih keneh nyambung. Kuring nyeri hate, basa salaki kuring datang ti Jakarta anu nyalahkeun kuring. pajarkeun teh kuring teu bisa ngurus budakna. Tara masak, teu bisa ngaladenan budak-budakna, jeung sajabana. Kuring harita mah ceurik teu kuat dicarekan. Padahal mah asa kurang kumaha kuring belana ka salaki jeung budakna.
Harita kuring inget ka si jenat, bapana barudak. Enya atuh kapan si jenat mah sakitu bageurna, soleh, gede perhatianana ka kuring jeung barudak teh. Sagala kahayang teu weleh ditedunan. Na ari ayeuna, lamun kuring teu gawe mah jigana asa kumaha mah. Ari gawe mah, kuring bisa ngabangbrangkeun hate nu keur gering.
Nyeri hatena teh deuih, ti saprak kuring jadi pamajikan manehna, saka inget kuring ngan sakali dibalanjaan. Eta ge waktu anyar keneh kawin. Ti harita nepi ka kiwari can kungsi deui kuring narima duit keur balanja. Tadina mah teu nanaon da ku gajih kuring ge kahirupan sapopoe teh bisa nyukupan. Tapi, lamun dipikir deui nanaonan rumah tangga bari jeung teu dibalanjaan.
“Yeuh Mah, ceuk si Teteh, pajar mamah tara masak, sok meuli ti warung. Ku naon atuh tara masak?” Hiji mangsa waktu salaki kuring datang ka Tasik. Manehna langsung nalek pertaka tara masak.
“Kang, teu rumaos abdi disebat tara masak mah. Osok masak ge. Mung, pami cape ti padamelan, rumaos sok meser ti warung. Tapi da teu salawasna!”. Jawab kuring, bari hatena mah rada keuheul, nu kitu-kitu bae dipasualkeun. Rek meuli, rek masak keun we, nu penting mah kabeh bisa dahar. Saleuheung salaki teh mere duit, ngabalanjaan, kapan tadi ge disebutkeun yen salila dipihukum ku salaki nu ayeuna ngan ukur sakali dibere duit balanja teh. Saterusna mah lebeng we. Kuring hirup estu tina gajih sorangan. Kuring teu nanaon, ngabajuan, ngahirupan anak kuring jeung anak tere. Teu … teu jadi itungan. Nu penting bisa lumangsung kahirupan.
Panasaran, waktu salaki keur ka cai, HP na ngagoler dina dipan. Ku kuring dibuka sms na. Na atuh hate mani ngageter. Teu kitu kumaha atuh. Eusi sms teh loba anu datangna ti popotonganana. Eusina loba anu ngagogoreng kuring. nyaritakeun yen budakna teh teu diurus, nyaritakeun nu … ah.. teu pantes diomongkeun mah, matak pidosaeun. Duh… Gusti! Geuning kieu nasib abdi teh? Boro mah kuring teh percaya we salaki kuring digawe di Jakarta teh teu aya nanaon. Sihoreng geuning masih keneh hubungan jeung popotonganana. Komo eta mah aya sms anu eusina teh mani mesra. Jiga ABG nu keur bobogohan. Na… atuh ari masih keneh gede duriat mah ku naon waka pepegatan? Harita kuring nahan amarah. Kuring kudu bisa nahan emosi. Sabab lamun dibudalkeun harita bakal rame perang baratayuda.
Kungsi harita ge ditanyakeun ngeunaan hubungan salaki kuring nu ayeuna jeung popotonganana. Manehna kekepehan teu ngaku. Tapi ari sms, bukti nu autentik. Kuring teu loba carita. Kakeuheul jeung kanyeri dikemu ku sorangan. Pikeun ngabudalkeunana, kuring sok ngabangbalerkeun ku neangan pagawean sejen. Lian ti pagawean anu matuh, Kuring sok diajar bisnis leuleutikan. Lumayan hasilna bisa nambah-nambah panghasilan anu tetep. Lian ti eta, kuring boga babaturan anu bisa dipercaya. Nya ka manehna kuring sok curhat, ngeunaan rumah tengga teh. Babaturan kuring nu sok ngupahan, nu sok ngalelemu sangkan kuring bisa nyanghareupanana. Indung jeung bapa kuring mah teu nyahoeun ngeunaan kaayaan rumah tangga kuring teh. Teu wasa lamun kuring bebeja ka kolot kuring. Aranjeunana mah apalna teh ayem tengtrem taya naon-naon.
Tapi, beuki dieu, beuki karasa, hate asa pejet dirarajet. Pangpangna ku budak tere nu panggedena. Manehna ka kuring teh geus nganggap naon mah. Kuring teu kuat, nu tadina kuring tara nyarekan teh, harita mah kuring nyarekan ka manehna. Nya tina kajadian eta kahirupan rumah tangga kuring beuki teu puguh. Salaki kuring mangmeunangkeun ka anakna. Kuring mah disalahkeun wae. Nu tungtungna mah kuring betus ka kolot, yen rumah tangga kuring teh awet rajet. Teu puguh, kuring hayang pipisahan jeung manehna. Kolot kuring, ngan ukur bisa colohok waktu dibejaan kitu teh.
Mimitina mah, kolot kuring teh, teu satujueun lamun kuring kudu pipirakan jeung salaki kuirng nu ayeuna teh. Anjeunna ngalelemu kuring sangkan ulah getas harupateun dina nyieun kaputusan teh. Karunya ka barudak cenah. Lamun ayeuna kuring rarandaan deui, meureun budak teh teu boga bapa deui. Kajeun teuing rarandaan, tibatan hirup rumah tangga saperti kieu. Keun we soal budak mah, kuring masih keneh bisa ngurus. Sigana lamun geus pipisahan jeung manehna, hate kuring moal loba dinyenyeri.
Sanggeus kolot kuring nyatujuan, kuring menta talak ka salaki kuring. Mimitina mah manehna teh embungeun nyerahkeun. Duka basa-basi, duka naon. Da geuning didesek ku kuring teh manehna nyerahkeun kuring. ayeuna kuring rarandaan deui. Euh…Nasib diri…!

Cintaraja, 2006