Geus teu asa jeung jiga kuring ka manehna teh, sasat batur sapagawean. Lamun kuring aya pangabutuh ka manehna tara hese, boh butuh kaperluan pagawean atawa pangabutuh kaperluan di imah. Manehna teh teu weleh merhatikeun kuring. Enya kitu tea mah meureun manehna teh karunyaeun ka kuring. Tuda kiwari kuring teh ngan pangawak sorangan alias randa. Kuring geus meh dua taun ditinggal maot ku nu jadi salaki. Hirup nu tadina medah-meduh harita keur kuring mah, tapi ayeuna beak dipake uubar si jenat. Teu panasaran beak banda oge da dipake pikeun uubar salaki anu ka kuring teh sakitu belana. Piraku waktu manehna keur gering kuring teu bela-bela acan mah. Kapan waktu kawin teh urang pada jangji dihareupeun naib, yen urang dina ngambah rumah tangga teh kudu silih belaan sok sanajan dina kaayaan kumaha bae oge.
Kuring teh guru, enya guru di salah sahiji SMP negeri, cindekna kuring teh PNS. Kuring digawe di eta sakola teh ti mimiti diangkat nepi ka ayeuna can incah balilihan. Teu karasa ari dilakonan kalawan bener jeung resep mah kuring teh geus 14 taun jadi guru di eta sakola teh. Jadi munasabah kuring geus loma pisan jeung babaturan nu aya di eta sakola. Geus sababaraha urang ganti kepala sekolahna oge.
Manehna teh guru lalaki, tapi jeung kuring mani deukeut. Maksudna kuring jeung manehna teh geus asa jeung dulur, sok sanajan manehna lalaki, kuring awewe teu jadi masalah ari sosobatan mah. Lantaran sosobatan kuring jeung manehna teh kapan ti keur kuring masih keneh boga salaki. Sosobatan ti baheula teh kiwari kudu pegat, gara-gara manehna ngajak ngawangun rumah tangga ka kuring. Enya harita teh manehna datang ka imah, nepikeun maksudna. Cenah karunya nempo kahirupan kuring kiwari. Keun hayang naon oge rek ditedunan. Hayang mobil rek dipangmeulikeun, imah nya kitu deui geus siap rek dipangmeulikeun lamun kuring daek dikawin ku manehna. Lamun kuring matre ceuk istilah jaman ayeuna mah, kuring meureun haripeut, kajeun teuing dicandung oge nu penting senang. Tapi kuring mah teu kitu. Bararaid teuing kudu dicandung mah. Awewe mana anu daek dicandung atuh.
Sok sanajan enya manehna teh guru sarua jeung kuring, tapi manehna mah boga bisnis sejen. Nepi ka rajakayana ge jiga lain guru. Manehna mah jelema jegud. Ngan kuring nolak kana pangajak manehna teh. Teu nolak kumaha, da manehna teh kapan geus rimbitan. Geus boga budak opat. Piraku kuring kudu ngaruntagkeun rumah tangga batur, komo kapan ieu mah babaturan pisan. Kuring teu bisa kitu.
Manehna ngolo, cenah lamun embung dicandung mah keun we nu kolot rek diserahkeun. Euh..! komo kitu, tada teuing nyeri hate pamajikanana. Kuring embung kudu jadi awewe anu ngarebut salaki batur. Kajeun teuing hirup saperti ayeuna, masih keneh bisa hirup, bisa ngabajuan anak kuring nu dua ti salaki kuring nu geus taya dikieuna.
Lamun inget ka dinya kuring sok sedih, teu karasa cipanon bijil sorangan. Ningali budak, inget ka si jenat. Samemeh dipundut ku Nu Kawasa, manehna nyarita “Titip barudak!” cenah. Kuring harita ceurik teu wasa ningali salaki teu walakaya. Duka meunang sabaraha bulan kuring nguyung inget bae ka manehna. Waktu panataran oge, da kabeneran deuih kakara saminggu ditinggal maot ku salaki, kuring ditugaskeun kudu panataran ka Bandung lilana saminggu. Di kamar teh teu karasa sok ceurik inget ka manehna nu geus ninggalkeun. Babaturan sakamar terus we ngupahan. Panataran harita mah duka aya nu asup deuka henteu. Nu jelas pikiran masih kumalayang.
Teu inget bae kumaha tuda salaki kuring mah jelema bageur, soleh, jeung merhatikeun pisan kana kahayang pamajikan teh. Keur kuring mah salaki teh pangbageurna sadunya we. Ka budak nya kitu, merhatikeun pisan. Boh dina pangabutuhna, boh dina pendidikanana. Kana solat tara elat. Atuh ka budak oge nya kitu nitah solat, sina ulah kaliwat. Pokona mah salaki ideal we keur kuring mah.
Ngan Alloh ngagaduhan jalan sejen pikeun nguji kana kasatiaan umatna. Waktu kuring keur memeujeuhna ayem tengtrem dina rumah tangga, salaki kuring gering parna anu hese diubaranana. Geus sababaraha dokter kukuring didatangan. Tapi angger we panyakit salaki kuring teh batan cageur mah kalah ka nambahan. Geus bur-ber ka ditu ka dieu uubar teh. Kabeh panuduhan ti batur dijugjug sangkan salaki kuring cageur deui sakumah bihari. Malah mah tatamba teh lain ka dokter bae, tapi ka pengobatan alternatif. Tapi angger we teu aya nu metu. Sok sanajan kitu, kuring teu putus asa, terus usaha. Nya hiji mangsa salaki kuring dipundut ku Nu Kawasa, mulih ka jati mulang ka asal, salaki kuring tilar dunya. Kuring sedih liwat saking. Komo harita barudak laleutik keneh. Barudak laleutik geus euweuh bapaan. Kuring ceurik ari ras inget ka dinya teh. Ngan kuring yakin, moal samata-mata Alloh masihan cocobi nu sakitu beuratna lamun kuring teu bisa nyanghareupanana.
Kiwari kuring hirup rarandaan. Lian ti jadi pagawe nagri, kuring sok ngahaja bisnis leueleutikan pikeun nambah-nambah eusi kantong. Di antarana kuring sok ngokolakeun sapi perah titinggal si jenat. Hasilna bisa dipake nyakolakeun budak, nu kiwari geus asup SMA nu panggedena mah. Nu leutik masih di SD kelas genep. Lamun kuring boga waktu kosong, henteu ngajar, da ngajar teh ngan opat poe, kuring sok rajeun ngider neangan orderan. Naon bae bisnis nu kuring dijalankeun teh nu penting halal, ulah ngarugikeun batur.
Meureun, ningali kuring nu sakitu gudar-gedorna neangan pangupa jiwa, babaturan kuring tea, enya babaturan gawe tea, karunyaeun. Terus aya rasa nyaah nu ahirna tumuwuh rasa cinta. Meureun nu disebut beger mindo tea. Meureun sok sanajan kitu, manehna kataji ku kuring teh lain karunya-karunya teuing nempo kahirupan kuring ayeuna, tapi ningali pangawakan kuring. Ceuk batur mah kuring teh, sok sanajan geus boga budak di SMA, kuring masih keneh geulis, campernik. Enya tuda pangawakan kuring teh jangkung leutik. Kulit koneng umyang. Lamun make baju ABG teh, bleg ABG we, ceuk saha geus boga budak dua. Kuring sukuran ka Gusti nu tos masihan pangawakan kuring kitu. Oge kuring neneda ka Gusti, mugi-mugi kuring dikiatkeun tina gogoda.
Kuring sok era ku babaturan, lamun manehna ulin wae ka imah teh. Komo ku tatangga mah. Randa tea atuh sok loba piomongeunana. Komo anu datangna oge deuih boga anak pamajikan. Ari kana kagorengan mah jelema teh sok tereh nyebarkeun isuna teh. Pajarkeun kuring marebut salaki batur. Padahal mah teu niat-niat acan. Malah eta beja teh tepi ka pamajikanana. Hiji waktu pamajikanana datang ka imah kuring bari nembongkeun paroman anu beda, rada judes. Enya da kuring jeung pamajikanana oge kapan geus loma. Ari ayeuna beda saratus dalapan puluh darajat. Anu tadina darehdeh, akuran, harita mah ningali ka kuring teh jiga ka musuh wae.
Kuring satekah polah nolak kalawan lemes. Kuring mere alesan pangna nolak manehna. Sok sanajan manehna oge ngarti, tapi kiwari manehna jadi beda ka kuring. Nya ahirna manehna oge eraeun sorangan, terus we pindah sakola. Euh…. Teu sangka.
Cintaraja, 2006
Senin, 22 Juni 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar